“Nuras, Rosulan Jeung Nyalinan di Bandung Wetan”
Di unggal tempat jeung wahangan budaya eta mibanda bakat primordial jeung pamekarannana sorangan-sorangan, eta kabeh di dasaran ku sumanget nu sarua, nyaeta pentingna “harmoni” ti unsur-unsur anu pasalia, anu mibanda konflik. Masalahna nyaeta, mana nu primordial atawa asli dina satiap kahirupan rahayat, nya diantarana di kahirupan rahayat sunda. Masalahna nyaeta anu mana nu primordial atawa asali dina satiap susunan rahayat sunda anu jamak ieu? Jeung kumaha satiap kelompok ngaharmonikeun budaya “jero” jeung budaya “luar”, jang kahuripan hirup jeung papadana?
Ku ngajawab eta, sabenerna urang keur ngagali elmu jeung pangabisa naon wae anu primordial teh, nyaeta lengkah kumaha ngolah kucara nga-transformative pikukuh “luar” jeung “asing”, anu ngarembes kajero wangunan kabudayaan tug jadi bagian integratif tina pikukuh “jero” jeung “asali” ti budaya sunda. Ku syarat, wahangan budaya eta teh teu katingkeur ku usaha dominasi nu netepkeun kabudayaan nu hiji leuwih rendah ti budaya nu liana.
Kusabab kitu, upacara “Nuras” di Kp Nenggeng-Nagreg, “Nyalinan” di Kp. Walahir-Ibun, jeung “Rosulan” di sabuderan Bandung wetan. saenyana wahana tutur jeung basa nu satara, yen unggal tradisi miboga wahana nu sarua pikeun hirup jeung mekar di wahangan rahayatna. Tujuan idealitas-rasional nua aya di satukangeun eta, mangrupakeun bentuk panalungtikan jeung pangumbaraan pikeun ngabuka tabir “susunan pangabisa”, anu nyalindung di satukangeun kasenian jeung artefak budaya nu kiwari mati suri, kakurung dina kubangan budaya global.
Kucara ngawangun wahangan budaya anu satara, system relasi papada riungan anu leuwih sehat jeung saling ngahormat, Dina pola babarengan nu kiwari di pupuk, pikeun ngawujudkeun hiji kasatuan tradisi nu “silih asah, silih asih, silih asuh”. Sabab dina susunan rahayat nu sehat bakal ngalahirkeun kahirupan anu sehat.
Bob Ujo @
Masyarakat Sejarah Kendan
Komentar
Posting Komentar