Nang " Mikir "


Raksa Mandala
Oleh : Bob Ujo


Konsep hirup urang sunda, nyaeta “NGAMANDALA”, hartina : hirup;ngajalanan dirina ditempat manehna ku laku, jiwa, hatena, tur sagala nu aya dina dirina. Kaasup awak jeung indrana. Tempatna nyaeta mandala;bumi langit.
Sakur napas, jiwa jeung hatena teh ngahiji pikeun saling ngaraksa. Boh kanu di tincakna, di daharna, di panggihannana jeung sagala anu nyangkut tempat cicingna. Anu diwangun ku opat rupa unsur. Nyaeta : cai, taneuh, seuneu jeung angin.
Dimana jelema geus ngarti kumaha sagemblengna ngaraksa anu opat eta, tangtu bakal hurip hirupna. Boh jeung papasangan nana, turunan nana, tuluy tatangga jeung lingkungan nana.

Raksa Mandala

Cai
Taneuh
Seuneu
Angin

( Eta nu opat teh, aya di diri manusa )

Manusa moal bisa dipisahkeun tinu opat unsur ieu.

Ari ngaraksa hartina : miguna tur ngajaga. Dua hal ieu teh hiji kasatuan nu teu bisa di pisahkan pikeun hirup hurip.
Sabab manusa mun ukur miguna hungkul manusa bakal manggih cilaka. Ari ngajaga hungkul manehna ge bakal teu manggih ciri dirina atawa teu apal kana dirina, atawa nyaho kana dirina.
Ngaraksa kudu apal kana sifat-sifatna “cai, taneuh, seuneu, angin”.
• Sifat cai : tiis, nyerep, nyurug tinu tempat nu luhur kahandap, nuturkeun tur ngeusi tempatna.
• Sifat taneuh : nyadiakeun dirina pikeun hirup mahluk “cicingna”, nagwengku, kuat.
• Sifat seuneu : panas, nyaangan, ngasakeun.
• Sifat angin : ngeusi ruang-ruang, ngaruhan, ngaruang.

Mun jalma geus wanoh kanu opat eta, tangtu bakal ngawujud hirupna jauh tina parna. Dina mulihna bakal moal benang ku parna.
Enya, saenyana bener sakumna mahluk nu aya di dunya “panca tengah” bakal kena ku rusak, tapi dina tumiba kana waktuna, jalma nu “ngaraksa mandala” bakal manggih kasajatian diri, ngahyang mulih ka jati mulang ka asal, ka mandala saenyana, sampurna hirupna.

18 September 2007
01.40 wib
Depok

Komentar

Postingan Populer